Persib Peryogi Penyuplai Bola
Permaenan Persib dina puteran kahiji memang ngacewakeun, salain kurang kokohna lini belakang, Persib kirang dina suplai bola ti lapangan tengah.
Persib sakedahna ngagaduhan tandem kanggo Eka pikeun nyuplai bola ka striker. Perkawis bade diseleksina pamaen asal Brasil sareng Jepang anu posisina gelandang mudah-mudahan maenna sae kaanggo ku Daniel Roekito pikeun tandem Eka.
Sababaraha nami nu janteun perburuan diantaranna, Ronald Fagundez, Robertino Pugliara, sareng Suchao pikeun ngisi posisi gelandang eta.
Tapi sadayana pamaen eta tipis kamungkinan soalna masih kaiket kontrak ku klubna masing-masing nepi akhir musim. kanggo ngadatangkeun Suchao malah makin tipis soalna dikabarkeun Suchao parantos didaftarkeun ku klubna, PEA Buriram pikeun ngabela di Liga Champion Asia.
Soal kabar kadatangan suchao ka bandung janteun tandatanya. Aya salah sahiji pagawe di PT PBB anu ninggal Suchao masuk ka hiji ruangan PT PBB, tapi saur H Umuh eta cuman isu hungkul.
waktos ieu Persib masih nyisakan opat jatah pemain asing, nyusul kaluarna dua pamaen asal Asia Baihakki bin Khaizan sareng Shahril Bin Ishak, sareng rencana dipinjemkeunna Pablo Frances ka Persikabo Kabupaten Bogor.
Tapi kumargi Cristian Gonzales parantos dinaturalsasi janteun jatah pemain asing tetap lima, nyaeta dua pemain Asia dan tilu non-Asia.
Persib nembe gaduh pemain asing non-asia hiji nyaeta Abanda Herman anu nembe gabung di putaran kadua upami Pablo janteun dipinjeumkeun ka Persikabo. (ewok)
0 komentar:
Posting Komentar